Ku teu karasa ari nyerelekna waktu. Asa cikeneh tas lebaran, ayeuna geus bulan Romadon deui bae. Saur Mama Ajengan, bulan puasa teh bulan anu wajib dianti-anti ku sakumna umat Islam. Bulan suci, bulan nu pinuh ku barokah. Bulan tempat ‘diklat’ sangkan urang jadi manusa pinunjul anu mampuh ngadalian napsu, nyengker kahayang anu taya anggeusna lamun diturutkeun. Tegesna, kawajiban nyengker hawa napsu, lain ngan ukur dina bulan puasa, tapi kudu jadi kabiasaan dina kahirupan sapopoe.
September 2008
Monthly Archive
September 13, 2008